Selasa, Oktober 29, 2013

Abah jeung Ambu Jalan2 ka Jepang

ABAH JEUNG AMBU JALAN2 KA JEPANG

Abah jalan2 jeung si Ambu ka Ginza Jepang. Geus jam 2 beurang can dahar waé, atuh puguh lapar pisan.

Abah  : “Ambu lapar henteu?”
Ambu : “Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu”
Abah  : “Tah, aya restoran nu palayanna maké robot!”
Ambu : “Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana”

Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.
Gék diuk pahareup-hareup.
Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :
“What is your nationality?”, robot nanya.
Abah  : “Indonesia”
Robot : “Selamat datang”, langsung nerjemahkeun maké bahasa Indonesia.
“Apa bahasa daerah anda?”, robot nanya deui.
Abah  : “Sunda”
“Wilujeng sumping. Badé pesen naon?” ceuk robot langsung otomatis maké basa Sunda
"Canggih ", Abah ngaharewos.

Ambu : “Aya lotek?”
Robot : “Aya”
Abah  : “Pesen dua porsi”
Robot : “Porsi ageung atanapi alit?"
Ambu : “Porsi ageung”
Robot : “Sabaraha céngékna?”
Ambu : “Nu hiji dua, nu hiji sapuluh”
Robot : “Nganggo kangkung?”
Abah  : “Enya”
Robot : “Nganggo waluh?”
Abah  : “Enyaaa”
Robot : “Nganggo engkol?”
Abah  : “Enyaaaaa”
Robot : “Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?
“Nu mana waé lah”, Abah rada ambek.
Robot : “Kacangna badé diréndos atanapi diblénder? "
Abah  : “Kumaha sia!”
Robot : “Kacangna setengah mateng atanapi mateng?”
“Goréng sing garing!”, ceuk Abah ngamuk.
Robot : “Nganggo goréng bawang henteu?”
“Maké kéhéd!” Abah sesengor tarik.
Robot : “Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?”
“Dipiringan!”, Abah ngadat
“Lisahna mantega atanapi lisah kalapa?”
“Jalantah...!! Kuya!” bari ambek.

Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.
Kira-kira 10 menitan kakara robot téh ngomong deui:
“Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan”
Abah  : “Naha? Geus lila-lila aing ngomong jeung sia?”
Robot : “Kumargi teu acan aya bahanna, khususna: Jalantah, Kuya, sareng Kehed”
Abah  : “Anjriiit!! Bisa gélo aing di Jepang..?!"

>:O:'(X_X

Tidak ada komentar: